drawing art pensil

Rabu, 26 Desember 2012

kumpulan naskah sunda

Naskah Waruga Guru Ditulis dina Kertas Éropa atawa Daluwang?

Aditia Gunawan

Saenyana tanda tanya dina judul di luhur téh teu perelu aya, saupama urang teu talobéh dina ngarumat banda pakaya karuhunna. Da ana seug aya téa mah wujudiah naskahna (Waruga Guru, saterusna disingget WG), teu kudu papanjangan nulis atuh. Cukup ku ningali naskahna, dibulak-balik sabalikan, rada kerung saeutik, bawirasa bakal katohyan, naha éta naskah ditulis dina kertas Éropa atawa daluwang. Peun saheulaanan mah, anggap baé naskahna nuju ‘nyumput di nu caang’ téa. Keur pribadi anu saumur nyunyuhun hulu can kungsi ningali naskahna, ukur bisa nyukcruk galur mapay béja, ceuk itu ceuk éta, bari nimbang-nimbang kamungkinan anu leuwih asup akal.

Nu mimiti ngagulanggapér naskah WG téh C.M. Pleyte, ahli Walanda nu neundeun minat kana kabudayaan Sunda. Garapanna kana naskah WG dimuatkeun dina artikelna ‘De Patapaan Adjar Soeka Resi: ander gezegd de kluizenarij op den Goenoeng Padang: Tweede bijdrage tot de kennis van het oude Soenda’ (TBG 55). Dina artikelna, Pleyte geus hasil ngalih-aksarakeun sarta narjamahkeun (kana basa Walanda) téks WG sagemblengna. Ceuk Pleyte mah éta naskah téh ditulis antara taun 1705-1709 M (awal abad ka-18 M). Hanjakalna, teu kapanggih katerangan ngeunaan kaayaan fisik naskahna, kayaning alas naskahna, ukuran, jumlah kaca, jsté. Pleyte ngan ngalampirkeun édisi facsimile naskahna, éta gé ngan sakaca, nyaéta kaca 1 tina naskah WG. Lebah juru kénca béh luhur katémbong aya tulisan ‘Jav. Ms. No. 74’.
Saterusna, suwargina Pa Atja ogé kungsi nyabit-nyabit naskah WG nalika anjeunna ngabandingkeun aksara dina Carita Parahyangan jeung aksara dina téks WG. Saurna gé: “Ngeunaan ‘wangun aksarana’, para ahli sapuk nyaéta aksara Sunda-Buhun, anu wujudna béda deui jeung aksara Kawi atawa aksara Jawa. Wangun aksara Sunda anu mandiri téh digunakeun nepi ka kira-kira abad ka-18 M; saperti anu dina Waruga Guru”. Tah dina tungtung kalimah éta diémbohan catetan kaki (nomor 11) nu ngarahkeun nu maca pikeun mukaan buku Tabel Aksara Holle sarta mariksa naskah BG. No. 74.


Suwargina Pa Edi S. Ekadjati (1996) ngawuwuhan katerangan tambahan kana téks WG. Katerangan anu ditambahkeunana téh nyaéta réana kaca (24 kaca), ukuran naskah (20x15 cm), sarta cenah ditulis ngagunakeun mangsi hideung. Nya dina tulisan Pa Édi aya katerangan yén naskah WG téh ditulis dina kertas Éropa. Ieu pamadegan sigana dituturkeun ku sawatara ahli sapandeurieunana, malah sok aya émbohna ‘kertas berwatermark’, cenah. Tulisan-tulisan anu nyebutkeun téks WG téh ditulis dina kertas Éropa, hanjakalna, méh sadayana teu nyantumkeun rujukan anu écés deuih.


Kertasna: Éropa atawa Daluwang?

Lamun téa mah enya naskah WG téh ditulis dina kertas Éropa, hartina naskah WG téh jadi hiji-hijina naskah Sunda-Buhun (anu aksara jeung basana Sunda Buhun) anu ditulis dina éta média. Ari kertas Éropa ilaharna sok aya cap kertasna (watermark). Nepi ka kiwari, can aya anu bisa nerangkeun cap kertas naon nu nyampak dina naskah WG deuih, padahal éta téh bisa jadi pituduh anu penting pikeun nangtukeun umur naskah.

Hadéna Pleyte jeung Pa Atja masihan pituduh. Pleyte méré facsimile naskah WG nu ngandung tulisan ‘Jav. Ms. No. 74’, sedeng Pa Atja (1968) miwarang mariksa naskah BG.No. 74. Anu dimaksud téh tangtu ngarujuk kana nomor naskah KBG 74 koléksi Perpustakaan Nasional (PNRI). BG téh singgetan tina Bataviaasch Genootschaap. Ti taun 1923 Bataviaasch Genootschap téh ditambahan ku kecap ‘Koninklijk’ di hareupeunana (jadi KBG), rada guménak, da pihartieunana koninklijk téh ‘Kagungan Dalem’. Kiwari KBG téh kaasup salasahiji sub koléksi diantara 55 sub koléksi PNRI.

Tegesna, naskah WG téh koléksi PNRI kalayan nomor koléksi KBG 74. Baheula. Tapi, Behrend (1998) anu nyusun katalog naskah di PNRI méré tanda bintang (*) meneran KBG 74 téh. Hartina, éta naskah geus teu nyampak deui dina tempat koléksi nu samistina.

Ku panasaran, ngahaja muka naskah gigireunana, nyaéta naskah KBG 73, KBG 75, jeung KBG 76. Tétéla éta tilu naskah téh naskah Sunda Buhun anu ditulis dina kertas daluwang. Aksarana ogé Sunda Buhun deuih. Ieu hal beuki ngayakinkeun nu nulis, yén naskah WG téh baheulana aya di PNRI kalayan nomor koléksi KBG 74. Gedé pisan kamungkinan, naskah WG ogé ditulis dina kertas daluwang, lain kertas Éropa. Modél aksara dina WG jeung naskah KBG 73, KBG 75 atawa KBG 76 téh sarimbag pisan deuih, moal boa disalin ku jalma nu sarua.

Kecap ‘daluwang’ sorangan mimiti kapanggih dina téks Sunda Buhun Sanghyang Swawar Cinta (koropak 626) lambaran ka-9: “Daluwang kulit ning kayu, upakara ning busana” (daluwang kulit kai, bagian/bahan tina busana). Dina périodeu kabudayaan Sunda pra-Islam, daluwang dimangpaatkeun jadi bahan baku busana. Tapi dina jaman Islam di Jawa, ceuk Pigeaud (Literature of Java, 1967), fungsi daluwang ngalegaan, nyaéta dijadikeun ogé alas tulis. Buktina di Tatar Sunda, nya naskah-naskah Sunda-Buhun tina – nambut istilah Pa Édi S. Ekadjati – périodeu ‘peralihan’, saperti nu ditataan di luhur.

Numutkeun Cohen Stuart (1872), naskah Waruga Guru téh kacatet jadi koléksi BG tanggal 7 Oktober 1866, pamasihan ti bupati Galuh harita, R.A.A. Kusumahdiningrat (1839-1886). R.A.A. Kusumahdiningrat mémang dipikawanoh minangka bupati anu jembar wawasan sarta micinta kabudayaan. Kawilang réa naskah Sunda Buhun nu kiwari diteundeun di PNRI téh kawitna nya ti anjeunna pisan.

Sok sanajan ieu tulisan dipanjangan, keukeuh baé anggapan naskah WG ditulis dina daluwang téh semet susuganan, ukur ngalelebah, wuwuh naskahna ogé parantos taya dikieuna kapan?

Pun, leuwih luangan, kurang wuwuhan.
(Dimuat dina Cupumanik bulan Juni 2011)

Tidak ada komentar: