drawing art pensil

Sabtu, 24 Maret 2012

naskah drama perhutani

Naskah Drama Tina Naskah Drama Bahasa Indonesia anu judulna “Dia Teramat Malang” Karya Asdina Ratnawati di alih basakeun ku Elis Marlina Tari : Gehu,Goreng tempe! Susi : Sabaraha hijina? Tari : lima ratus Susi : meser gehu na opat,ieu artosna Tari : hatur nuhun,ieu teh susi nya? Susi : muhun.ari ieu teh saha? Tari : salira teh hilap deui ka kuring,kuring teh Tari! Susi : oh Tari teh babaturan kuring anu di SD sanes? Tari : muhun,masih Susi aya di dieu? Susi : kuring di dieu teh keur kemping,tos dua dinten di pakemahan milik PERHUTANI. Tari : salira katinggalna teh bungah pisan,aya kasempatan neruskeun sakola,loba babaturan.Tapi kuring teu bisa jiga kitu.Salira emut teu yen pun rama kuring teh tukang pos.Pun rama pupus waktos kuring kelas dua SMP.Kuring sakulawarga kudu usaha anu leuwih keras keur hirup.Mimiti.pun biang ngajual rorompok keur modal.Kuring sakulawarga pindah ka Desa Memutung.Di dieu pun biang ngawarung.Hasilna mah pas-pasan,samentawis kabutuhan leuwih gede.Ahirna kuring mutuskeun rek eureun sakola.Eta teh kira-kira 6 bulan sa atos pun rama pupus. Susi : Tari, ku kuring mah teu kabayang! Tari : muhun,sesah pisan keur kuring mah neangan pagawean teh sabab kuring teu boga ijazah.Kuring pernah jadi pelayan di restoran .Tapi ongkos mobilna gede.Kuring teh kapaksa we eureun teurus mantuan pun biang usaha,tapi teu loba hasilna. Susi : ari pun rai kumaha? Tari : Alhamdulillah,nugi ka ayena ge pun rai mah sakola.Tapi pun rai ge mantuan damel,biasana sok ngumpulkeun daun cengkeh.Ayena teh poe saptu,ngke pasti loba jalma anu daratang ka Taman Ria.Mugi-mugi we kuring ayeuna meunang duit loba.Susi kuring mah bade mulih nya,mugia bisa papanggih deui.

Tidak ada komentar: